Jumlah Shigoh Takbiran Idil Fithri

"Jumlah Shigoh Takbiran Idil Fithri"
Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Anu dimaksad kujudul "Jumlah Shigoh Takbiran Idil Fithri". Seja nerangkeun jumlah shigoh takbir dina takbiran idil fithri numutkeun sunnah Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam. Naha jumlah takbir dina takbiran idil fithri anu disunnahkeun ku Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam teh 2 kali atanapi 3 kali?
Anapon pembahasanna, nyaeta :

Dina kitab fathul bari, imam ibnu hajar al-asqolani sasauran kieu :

أَمَّا صِيْغَةُ التَّكْبِيْرِ فَأَصَحُّ مَا وَرَدَ فِيْهِ مَا أَخْرَجَهُ عَبْدُ الرَّزَّاقِ بِسَنَدٍ صَحِيْحٍ عَنْ سَلْمَانَ قَالَ:كَبِّرُوْا اللَّهُ أَكْبَرُ اللَّهُ أَكْبَرُ اللَّهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا
Hartosna : anapon shigoh takbir, maka anu palih shohih nyaeta hadis anu dikaluarkeun ku Abdur Rozaq kalawan sanad anu shohih anu katampi ti Salman, anjeuna sasauran : Pek aranjeun takbiran "Allaahu Akbar, Allaahu Akbar, Allaahu Akbar, kabiira".
[Mangga tingali dina kitab fathul bari syarah shohih bukhori, cetakan darur royan lil turats, kairo 1986, juz ka 2, kaca ka 536].

salajengna imam ibnu hajar al-asqolani oge sasauran deui, anapon sasauran nana teh kieu :

وَقِيْلَ يُكَبِّرُ ثِنْتَيْنِ بَعْدَهُمَا لا إله إلا اللَّه و اللَّهُ أَكْبَرُ اللَّهُ أَكْبَرُ وللَّهِ الْحَمْدُ جَاءَ ذلِكَ عَنْ عُمَرَ وَابْنُ مَسْعُوْدٍ
Hartosna : sarta disaurkeun anjeuna takbiran dua kali "Allahu Akbar, Allahu Akbar", saba'da eta "Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu". eta katerangan dumasar ti Umar kalih ti Ibnu Mas'ud.
[Mangga tingali masih keneh dina kitab fathul bari syarah shohih bukhori, cetakan darur royan lil turats, kairo 1986, juz ka 2, kaca ka 536].

sarta numutkeun Abdul Aziz ath-Tharifi : riwayat dua kali takbir nyaeta riwayat anu bener. [Mangga tingali dina syarah hadis jabir fil haj, kaca ka 67] 

Tina katerangan-katerangan diluhur nuduhkeun yen ngeuna'an redaksi takbir anu loyog jeung sunnah teh ngan aya dua redaksi, nyaeta :

1. Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar kabira.
2. Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu.

sarta dua redaksi takbiran diluhur parantos janten pamadegan qaol ulama qodim kalih ulama salaf, anapon redaksi takbiran salian ti dua redaksi takbiran diluhur eta henteu aya sumberna ti Rosulullah sareng ti para sohabat. Sapertos redaksi takbiran anu ieu :

A. Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu.

B. Allahu akbar kabiro wal hamdu lillahi katsiro wa subhanallahi bukrotaw wa'ashila, allahu akbar wala na'budu illa illallahu mukhlishina lahud din wa lau karihal kafirun, la ilaha illallahu wahdah shodaqo wa'dah wa nashara abdahu wahazamal ahzaba wahdah la ilaha ilallahu wallahu akbar

Maka imam ibnu hajar al-asqolani maparinan komentar pikeun redaksi takbiran sapertos anu kaunggel dina point A kalih point B, anapon komentar ti ibnu hajar al-asqolani, nyaeta :

أَمَّا صِيْغَة التَّكْبِيْرِ "اللَّهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللَّهِ بُكْرَةً وَأَصِيلًا اللَّهُ أَكْبَرُ وَلَا نَعْبُدُ إلَّا اللَّهَ مُخْلِصِينَ له الدَّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُونَ لَا إلَهَ إلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ لَا إلَهَ إلَّا اللَّهُ وَاَللَّهُ أَكْبَرُ" قَدْ أُحْدِثَ فِي هَذَا الزَّمَانِ زِيَادَةٌ فِي ذَلِكَ لَا أَصْلَ لَهَا
Hartosna : anapon shigoh takbiran "Allahu akbar kabiro wal hamdu lillahi katsiro wa subhanallahi bukrotaw wa'ashila, allahu akbar wala na'budu illa illallahu mukhlishina lahud din wa lau karihal kafirun, la ilaha illallahu wahdah shodaqo wa'dah wa nashara abdahu wahazamal ahzaba wahdah la ilaha ilallahu wallahu akbar". Dizaman ieu parantos diciptakeun tambihan dina eta redaksi anu teu ngagaduhan sumber asal muasalna saeutik oge. [Mangga tingali dina kitab fathul bari syarah shohih bukhori, cetakan darur royan lil turats, kairo 1986, juz ka 2, kaca ka 536, oge dikutip ku imam syaukani dina kitab nailul author, juz ka 6, kaca ka 37].

* Kasimpulan nana :

1. Redaksi takbiran anu loyog/cocog sareng sunnah nyaeta aya dua redaksi :
-  Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar kabira.
atanapi :
- Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu.

2. Shigoh takbiran anu 3 kali redaksina nyaeta : Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar kabira.

3. Shigoh takbiran anu 2 kali redaksina nyaeta : Allahu Akbar, Allahu Akbar, Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu.

4. Anapon redaksi takbiran anu ieu :
- Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar Laa ilaha illallahu Allahu Akbar, Allahu Akbar Walillahilhamdu.
atanapi :
- Allahu akbar kabiro wal hamdu lillahi katsiro wa subhanallahi bukrotaw wa'ashila, allahu akbar wala na'budu illa illallahu mukhlishina lahud din wa lau karihal kafirun, la ilaha illallahu wahdah shodaqo wa'dah wa nashara abdahu wahazamal ahzaba wahdah la ilaha ilallahu wallahu akbar.
Eta teu aya sumber asal muasal dalina, sarta redaksi takbiran sapertos kitu teu dicontoan ku Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam.

Saumpamina panalitian kalih panalungtikan ana aya anu lepat, nyuhunkeun dikoreksi kalepatan nana sarta nyuhunkeun katerangan anu leresna. Hatur Nuhun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SUKSES DENGAN SKILL YANG TEPAT

"Naha Leres Musik Teh Haram?" Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Keutamaan Doa di Sepertiga Malam Terakhir