Derajat Hadis Ngeuna'an Mayunkeun Panangan Kalih Dengkul Nalika Seja Sujud" Oleh : Fajri Malik Ibrahim

"Derajat Hadis Ngeuna'an Mayunkeun Panangan Kalih Dengkul Nalika Seja Sujud"
Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Anu dimaksad kujudul  "Derajat Hadis Ngeuna'an Mayunkeun Panangan Kalih Dengkul Nalika Seja Sujud". Seja nerangkeun derajat hadis anu netelakeun yen saestuna Rosulullah shalallahu alaihi wasallam kalih para sohabatna upanten aranjeuna seja lungsur sujud kabuktosan sok mayunkeun pananganna sateuacan dengkulna,  tatapina aya deui hadis anu netelakeun yen saestuna Rosulullah shalallahu alaihi wasallam upanten seja lungsur sujud sok mayunkeun dengkulna heula samemeh panangan nana. Saleresna mana atuh anu leres teh, mayunkeun dengkul atanapi mayunkeun panangan?
Anapon pembahasanna, nyaeta :

1. Derajat Hadis Anu Nerangkeun Mayunkeun Panangan :

Hadis anu katampi ti sahabat abi huraeroh anu nerangkeun kedah mayunkeun panangan heula eta diriwayatkeun ku sababaraha mukhorij, anapon matan hadisna kieu :

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا سَجَدَ أَحَدُكُمْ فَلَا يَبْرُكْ كَمَا يَبْرُكُ الْبَعِيرُ وَلْيَضَعْ يَدَيْهِ قَبْلَ رُكْبَتَيْهِ
Hartosna : katampi ieu hadis ti sahabat abi huraeroh anjeuna sasauran : parantos ngadawuh Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam dimana sujud salasaurang ti aranjeun maka ulah depa sapertos depana onta, sareng kedahna anjeuna mayunkeun dua panangan nana sateuacan dua dengkulna.
[Hadis riwayat imam Baehaqi, dina kitab Sunanul Kubra juz ka 2, kaca ka 99-100, sareng Abu Dawud, dina kitab Sunan Abu Dawud, juz ka 1, kaca ka193, sareng hadis riwayat imam Ahmad, dina kitab Al-Musnad juz ka 3, kaca ka 325, sareng hadis riwayat imam Daraquthni, dina kitab Sunan Ad-Daraquthni juz ka I, kaca ka 344 & 345, sareng hadis riwayat Darimi, dina kitab sunan Ad-Darimi juz ka I, kaca ka 303, sareng hadis riwayat imam Nasai, dina kitab Sunanul Kubra, juz ka I, kaca ka 229].

sok sanaos hadis diluhur teh diriwayatkeun ku sababaraha mukhorij, tatapina sadaya jalur periwayatan [sanad] hadis diluhur teh ngalangkungan hiji rowi anu kakasihna Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi. Anapon rowi anu kakasihna Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi nyaeta salasawios rowi anu dhoif, sakumaha diterangkeun ku para 'ulama hadis :

قَالَ أَبُوْ زُرْعَةَ سَيِّءُ الْحِفْظِ فَرُبَّمَا حَدَّثَ مِنْ حِفْظِهِ الشَّيْءَ وَقَالَ النَّسَائِيُّ عَبْدُ الْعَزِيْزِ الدَّرَاوَرْدِي لَيْسَ بِالْقَوِيِّ
Hartosna : parantos sasauran Abu Zur'ah : "manehna [Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi] teh nyaeta rowi anu goreng hapalan, kadang kala anjeuna nerangkeun salasahiji tina hapalan nana". Imam Nasa'i sasauran : "Abdul Aziz Ad-Darawardi anjeuna rowi anu henteu kiat alias lemah".
[Mangga tingali dina kitab Tahdzibul Kamal juz ka 18, kaca ka 194]

pandangan sayyul hifzhi/lemah hapalan ka Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi nyaeta ditingali tina segi dhobt hapalan nana sanes tina segi ahlaqna, pandangan dhoif ka rowi sapertos kieu tiasa ditampi salami eta rowi ngariwayatkeun hadisna tafarrud [nyorangan], tatapina lamun eta rowi ngariwayatkeun hadisna henteu tafarud maksudna anjeuna ngariwayatkeun hadis sapertos hadis anu diriwayatkeun ku rowi-rowi tsiqoh salian ti anjeuna, maka hadis ti anjeuna tiasa ditampi.

dina masalah ieu jalmi-jalmi anu mandang shohih kana hadis anu katampi ti abi hurairoh diluhur berpendapat yen hadis diluhur teh sok sanaos diriwayatkeun ku rowi anu dhaif nyaeta Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi tatapina Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi dina ngariwayatkeun ieu hadis teh henteu tafarrud/henteu nyorangan sabab aya rowi anu sejen anu memperkuat riwayat anjeuna. Tatapina saparantos ku ana ditaliti ternyata anu dimaksud rowi nu nguatkeun periwayatan Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi nyaeta rowi anu kakasihna Abdullah bin Nafi as-Shaig, anapon rowi nu kakasihna Abdullah bin Nafi as-Shaig oge sami rowi anu dhoif :

قَالَ أَبُوْ زُرْعَةَ : مُنْكَرُ الْحَدِيْثِ
Hartosna : Abu Zur'ah sasauran : manehna [Abdullah bin Nafi as-Shaig] mungkarul hadis.
[Mangga tingali dina ta'liq tahdzibul kamal juz ka 16, kaca ka 210].

قَالَ ابْنُ حَجَرٍ : فِى حِفْظِهِ لَيِّنٌ
Hartosna : Imam Ibnu Hajar sasauran : manehna [Abdullah bin Nafi as-Shaig] goreng dina hapalan
[Mangga tingali dina kitab Taqribut Tahdzib, juz ka 1, kaca ka 318].

Anapon hadis anu katampi ti sahabat ibnu umar anu nerangkeun upanten bade sujud teh kedah mayunkeun panangan eta matanna kieu :

عَنِ ابْنِ عُمَرَ أَن رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كَانَ إِذَا سَجَدَ يَضَعُ يَدَيْهِ قَبْلَ رُكْبَتَيْهِ
Hartosna : katampi ti ibnu umar saestuna Rosulullah shalallahu alaihi wasallam kabuktosan dimana anjeuna sujud anjeuna mayunkeun panangan nana sateuacan dengkulna.
[Mangga tingali dina sunan daruqutni juz ka 1, kaca ka 27]

sareng aya deui riwayat ti nafi anu nerangkeun ibnu umar :

قَالَ نَافِعٌ: كَانَ ابْنُ عُمَرَ يَضَعُ يَدَيْهِ قَبْلَ رُكْبَتَيْهِ
Hartosna : parantos sasauran nafi : kabuktosan ibnu umar dimana anjeuna sujud anjeuna mayunkeun panangan nana sateuacan dengkulna.
[Mangga tingali dina hadis riwayat Ibnu Khuzaimah, dina kitab Shahih Ibnu Khuzaimah, juz ka, kaca ka 318-319, hadis riwayat Ad-Daraquthni, Sunan ad-Daraquthni, juz ka 1, kaca ka 344, hadis riwayat imam Thahawi, dina kitab Syarah Ma’anil Atsar, juz ka 1, kaca ka 254, hadis riwayat imam hakim Hakim, dina kitab Mustadrak, juz ka 1, kaca ka 226, hadis riwayat imam Baehaqi, dina kitab Sunanul Kubra, juz ka 2, kaca ka100].

dua riwayat diluhur anu katampi ti ibnu umar oge sami dhoif jalaran dina sadaya sanadna ngaliwatan rowi anu dhoif nyaeta Abdul Aziz bin Muhamad Ad-Darawardi, anapon kadhoifan nana parantos diterangkeun diluhur.

2. Derajat Hadis Anu Nerangkeun Mayunkeun Dengkul

Dina hadis riwayat imam abu dawud, anu aya dina kitab aonul ma'bud, juz ka 3, kaca ka 48, diterangkeun kieu :

حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ مَعْمَرٍ حَدَّثَنَا حَجَّاجُ بْنُ مِنْهَالٍ حَدَّثَنَا هَمَّامٌ حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ جُحَادَةَ عَنْ عَبْدِ الْجَبَّارِ بْنِ وَائِلٍ عَنْ أَبِيهِ أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَذَكَرَ حَدِيثَ الصَّلَاةِ قَالَ فَلَمَّا سَجَدَ وَقَعَتَا رُكْبَتَاهُ إِلَى الْأَرْضِ قَبْلَ أَنْ تَقَعَ كَفَّاهُ
Hartosna : parantos nerangkeun ka abdi sadaya Muhammad bin Ma’mar, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Hajaj bin Minhal, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Hamam, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Muhammad bin Jahadah,[anjeuna nampi] ti Abdul Jabbar bin Wail, [anjeuna nampi] ti ramana [Wa'il] : saestuna nabi,-maka wa'il nerangkeun hadis ngeuna'an shalat- anjeuna sasauran, "maka nalika anjeuna bade sujud dua dengkulna kana taneuh sateu-acan dua panangan nana.

* Katerangan :
Sabagean ulama nganggap hadis diluhur sebagai hadis anu dhoif, jalaran hadis diluhur teh munqothi' [terputus jalur periwayatan] sabab rowi anu kakasihna abdul jabar bin wa'il teu nguping eta hadis ti ramana [wa'il]. [Mangga tingali dina kitab Tuhfatul Ahwadzi, juz ka 2, kaca ka 134].

Tapi sok sanaos kitu sanad Hamam bin Yahya anu nampi ti Muhammad bin Jahadah riwayat Abu Dawud kasebat memang munqothi, jalaran abdul jabar teu nguping eta hadis ti ramana [wa'il], tapi upanten urang merhatoskeun sanad imam baehaqqi anaseug teh abdul jabar nampi eta hadis teh ti ibuna [istri wa'il, anu kakasihna ummu yahya], anjeuna nampi ti carogena [wa'il], anu redaksina kieu:

أَخْبَرَنَا أَبُوْ بَكْرٍ الْحَارِثُ الْفَقِيْهُ أَنْبَأَنَا أَبُوْ مُحَمَّدِ بْنِ حَيَّانَ ثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ يَحْيَ ثَنَا أَبُوْ كُرَيْبٍ ثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ حُجْرٍ ثَنَا سَعِيْدُ بْنُ عَبْدِ الْجَبَّارِ عَنْ عَبْدِ الْجَبَّارِ بْنِ وَائِلٍ عَنْ أُمِّهِ عَنْ وَائِلِ بْنِ حُجْرٍ قَالَ: صَلَّيْتُ خَلْفَ رَسُوْلِ الله ثُمَّ سَجَدَ وَكَانَ أَوَّلُ مَا وَصَلَ إِلَى الأَرْضِ رُكْبَتَاهُ
Hartosna : parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Abu Bakar al-Harits al-Faqih, parantos ngabewarakeun ka abdi sadaya Abu Muhamad bin Hayyan, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Muhamad bin Yahya, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Abu Kureb, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Muhamad bin Hujr, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Sa’id bin Abdul Jabbar, [anjeuna nampi] ti Abdul Jabbar bin Wail, [anjeuna nampi] ti ibuna, [anjeuna nampi] ti wa'il bin hujer, anjeuna sasauran "sim abdi shalat ditukangeun Rosulullah, teras anjeuna sujud sarta anu paling awal dugi kana taneuh teh nyaeta dengkulna. [Mangga tingali dina kitab sunanul kubro, juz ka 2, kaca ka 99] 

Kukituna sanad hadis kasebat muttshil [nyambung], sarta tiasa dijantenkeun syahid [penguat] pikeun hadis anu diriwayatkeun ku imam abu dawud diluhur, sahingga derajat hadis anu diriwayatkeun ku imam abu dawud derajatna janten hasan lighoerihi.

* Kasimpulan nana :

1. hadis anu katampi ti sahabat abi hurairoh sareng ti ibnu umar anu nerangkeun upanten bade sujud ke mayunkeun panangan eta sanadna dhoif, sarta matanna maqlub.
2. Derajat hadis mayunkeun tu'ur nalika sujud nyaeta shohih sarta tiasa diamalkeun.
3. Kaefiyah/Tatacara lungsur nalika bade sujud nyaeta mayunkeun dengkul/tu'ur heula.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SUKSES DENGAN SKILL YANG TEPAT

"Naha Leres Musik Teh Haram?" Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Keutamaan Doa di Sepertiga Malam Terakhir