Derajat Hadis Ngeuna'an Wiridan Ku Panangan Anu Katuhu
"Derajat Hadis Ngeuna'an Wiridan Ku Panangan Anu Katuhu"
Oleh : Fajri Malik Ibrahim
Anu dimaksad kujudul "Derajat Hadis Ngeuna'an Wiridan Ku Panangan Anu Katuhu". Seja nerangkeun hadis anu katampi ti sahabat Abdillah bin Amr anu nerangkeun yen saenyana Rosululloh sok wiridan ku panangan katuhuna, leresan hadisna dhoif atanapi shohih?
Anapon Hadisna :
1. Dina hadis anu diriwayatkeun ku imam abu dawud, hadisna no ka 3411, anu katampi ti sahabat Abdillah Bin Amr :
حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ عَبْدِالْأَعْلَى حَدَّثَنَا عَثَّامُ بْنُ عَلِيٍّ عَنِ الْأَعْمَشِ عَنْ عَطَاءِ بْنِ السَّائِبِ عَنْ أَبِيهِ عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرٍو رَضِي اللَّه عَنْهمَا قَالَ رَأَيْتُ رَسُولَ اللَّهِ يَعْقِدُ التَّسْبِيحَ
Pihartoseun nana : Parantos nyaritakeun ka kaula Muhammad bin Abdul A'la, parantos nyaritakeun ka kaula Atsam bin Ali, [anjeuna nampi] ti Al-A'masyi, ti Atho' bin As-saaibi, ti bapana, ti sahabat Abdullah bin Amr muga Allah maparinan karidoan ka anjeuna dua'an, anjeuna parantos nyarita : kaula kantos ningali Rosululloh maca tasbeh[subhanallah].
2. Dina hadis anu diriwayatkeun ku imam Nasa'i, hadisna no ka 1338, anu katampi ti sahabat Abdillah bin Amr :
أَخْبَرَنَا مُحَمَّدُ بْنُ عَبْدِ الْأَعْلَى وَالْحُسَيْنُ بْنُ مُحَمَّدٍالذَّارِعُ وَاللَّفْظُ لَهُ قَالَ حَدَّثَنَا عَثَّامُ بْنُ عَلِيٍّ قَالَ حَدَّثَنَا الْأَعْمَشُ عَنْ عَطَاءِ بْنِ السَّائِبِ عَنْ أَبِيهِ عَنْ عَبْدِاللَّهِ بْنِ عَمْرٍو قَالَ رَأَيْتُ رَسُولَ اللَّهِ يَعْقِدُ التَّسْبِيحَ
Pihartoseunn nana : Parantos ngabewarakeun ka kaula Muhammad bin Abdul A'la sareng Al-Husen bin Muhammad Adz-Dzar sareng lafadzna aya di anjeuna, parantos nyaritakeun ka kaula Atsam bin Ali, parantos nyaritakeun ka kaula Al-A'masy, [anjeuna nampi] ti A'tho bin As-Saaib, ti Bapana, ti sahabat Abdillah bin Amr anjeuna kantos nyarita : kaula kantos ningali Rosululloh maca tasbeh [Subhanallah].
3. Dina hadis anu diriwayatkeun ku imam Turmudzi, hadisna no ka 3486, anu katampi ti sahabat Abdillah bin Amr :
حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ عَبْدِ الْأَعْلَى بَصْرِيُّ حَدَّثَنَا عَثَّامُ بْنُ عَلِيٍّ عَنِ الْأَعْمَشِ عَنْ عَطَاءِ بْنِ السَّائِبِ عَنْ أَبِيهِ عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرٍو قَالَ رَأَيْتُ النَّبِيَّ يَعْقِدُ التَّسْبِيحَ بِيَدِهِ
Pihartoseun nana : Parantos nyaritakeun ka kaula Muhammad bin Abdil A'la Bashri, parantos nyaritakeun ka kaula Atsam bin Ali, [anjeuna nampi] ti Al-A'masy, ti A'tho bin As-saaib, ti Bapana, ti sahabat Abdillah bin Amr anjeuna kantos nyarita : kaula kantos ningali Rosululloh maca tasbeh [subhanallah] ku panangan nana.
* Katerangan : Upami urang merhatoskeun katilu hadis diluhur, sadayana teu aya nu nganggo tambihan kalimah "بِيَمِينِهِ" "ku panangan katuhuna". Anapon anu tambihan kalimah "بِيَمِينِهِ" "ku panangan katuhuna" mah nyaeta Ibnu Qudamah, margi upami urang maca katerangan ti imam abu dawud, dina kitab sunanna no ka 1284, imam abu dawud nerangkeun kieu :
حَدَّثَنَا عُبَيْدُاللَّهِ بْنُ عُمَرَ بْنِ مَيْسَرَةَ وَمُحَمَّدُ بْنُ قُدَامَةَ فِي آخَرِينَ قَالُوا بِيَمِينِهِ
Pihartoseun nana : Parantos nyaritakeun ka kaula ubaidulloh bin umar bin maesarih sareng muhammad bin qudamah [Ibnu Qudamah] di akhir hadis anjeuna sasauran "ku panangan katuhuna".
Janten parantos jelas yen tambihan kalimah "بِيَمِينِهِ"/"ku panangan katuhuna" eta teu kalebet hadis, tapi eta mah ucapan ibnu qudamah. ku kituna kalimah "بِيَمِينِهِ"/"ku panangan katuhuna" eta kalebet idroj/mudroj [kalimah sisipan] ti ibnu qudamah.
Hukum hadis mudroj ka bagi kana 2 pirang-pirang bagean :
1. Mudroj anu teu ngarobah hukum/mudroj anu nyimpulkeun tina hukum [maka mudroj anu teu ngarobah hukum eta henteu nanaon]
2. Mudroj anu ngarobah hukum [maka mudroj anu ngarobah hukum eta kalebet Dhoif/lemah].
Upami urang merhatikeun kalimah "بِيَمِينِهِ"/"ku panangan katuhuna" ieu kalebet hadis mudroj anu ngarobah hukum, maka hadis ieu kalebet hadis anu Dhoif.
* Kasimpulan nana :
1. Hadis anu nerangkeun yen Rosululloh wiridan ngan wungkul ku panangan anu katuhuna eta derajatna Mudroj anu ngarobah hukum [Dhoif].
2. Hadis anu nerangkeun wiridan ngan wungkul ku panangan katuhu eta teu tiasa dianggo dalil/hujjah/teu bisa diamalkeun.
3. wiridan anu dicontoan ku Rosululloh nyaeta wiridan nganggo dua panangan[kenca sareng katuhu]. anapon hadis anu nerangkeunna nyaeta hadis riwayat imam ahmad, derajat hadisna nyaeta hasan, Rosululloh ngadawuh kieu :
التَّهْلِيلِ وَالتَّسْبِيحِ وَالتَّقْدِيسِ، وَلَا تَغْفُلْنَ فَتَنْسَيْنَ الرَّحْمَةَ، وَاعْقِدْنَ بِالْأَنَامِلِ فَإِنَّهُنَّ مَسْئُولَاتٌ مُسْتَنْطَقَاتٌ
Pihartoseun nana : pek maca tahlil aranjeun jeung maca tasbeh aranjeun jeung taraqdis aranjeun, jeung anjeun ulah mopohokeun rohmat, pek itung [wiridan] ku bubukuan ramo sabab saenyana [bubukuan ramo] bakal ditanya jeung bakal ngaromong [dina poe kiamah].
Dina hadis ieu jelas yen anu dimaksad kalimah الْأَنَامِل [bubukuan ramo] nyaeta kalimah umum anu nyakup kenca jeung katuhu.
Komentar
Posting Komentar