Shaum Muharram Anu Nyunnah

"Shaum Muharram Anu Nyunnah"
Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Sakumaha anu parantos ka uninga ku urang sadaya, rehna ayeuna urang parantos nincak kana sasih muharram, anu mana sasih muharram teh salasawios sasih anu diharamkeun ku Allah ta'ala, sakumaha anu diterangkeun ku Rosulullah dina hadis riwayat imam bukhori kalih imam muslim oge imam ahmad :

إِنَّ الزَّمَانَ قَدِ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْمَ خَلَقَ اللَّهُ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضَ السَّنَةُ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ثَلَاثٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو الْقَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرَ الَّذِي بَيْنَ جُمَادَى وَشَعْبَانَ
Hartosna : sayaktosna jaman parantos ngagilir lir ibarat kaayaan nana sapertos tiheula dina dintenan diciptakeun nana langit sareng bumi, sataun nyaeta 12 sasih, diantawisna aya 4 sasih anu haram, nyaeta 3 sasih ngarundayan : Dzulqo'dah, Dzulhijjah, Muharam, sarta Rajab Mudor anu aya diantara dua Jum'adil kalih antara Sya'ban.
[Mangga tingali kitab shohih bukhori, juz ka 4, kaca ka 1712, hadisna nomor ka 4385, kitab shohih muslim, juz ka 3, kaca ka 1305, hadisna nomor ka 1679, ahmad, juz ka 5, kaca ka 37, hadisna nomor 20.402]

Sarta dina sasih muharram teh kaom muslimin di sunnahkeun pikeun ngalaksanakeun shaum, namung anu janten masalahna nyaeta, ari shaum dina sasih muharram teh sabaraha dinten lamina? Margi aya salasawios kaom muslimin anu ngalaksanakeun shaum muharram teh ti kaping 1 kalawan alesan aya hadis anu nerangkeun nana. Ku kituna masalah ieu peryogi diguar kalih dibahas, margi ari nu namina shaum eta kalebet kana ibadah sedengkeun anu namina ibadah eta kedah leres-leres nyunnah.

* Hadis-Hadis Ngeuna'an Shaum Muharram :

1. Hadis Shaum Kaping 1 Muharram :

مَنْ صَامَ آخِرَ يَوْمٍ مِنْ ذِي الْحِجَّةِ وَأَوَّلَ يَوْمٍ مِنَ الْمُحَرَّمِ فَقَدْ خَتَمَ السَّنَةَ الْمَاضِيَةَ بِصَوْمٍ وَافْتَتَحَ السَّنَةَ الْمُسْتَقْبِلَةَ بِصَوْمٍ فَقَدْ جَعَلَ اللهُ لَهُ كَفَّارَةَ خَمْسِينَ سَنَةً
Hartosna : sing saha anu shaum dina dintenan akhir sasih dzulhijjah sareng shaum dina dintenan awal sasih muharram, mangka anjeuna parantos nutup taun anu kaliwat ku shaum sarta muka taun anu sumping ku shaum, sayaktosna Allah tos ngajantenkeun kafarat dosa salami 50 taun pikeun anjeuna.  
[Mangga tingali kitab al-Mudhu'at, seratan imam ibnul jauzi, juz ka 2, kaca ka 199, jajaran ka 12-14 tipalih luhur]

Hadis diluhur oge kaunggel dina kitab-kitab anu masyhur sapertos :
1. Kitab al-la’aalul mashnu’ah fi ahadisil maudhu’ah, seratan imam suyuthi, juz ka 2, kaca ka 92, jajaran ka 5-7 tipalih luhur]
2. Kitab Tadzkirotul Maudhu'at, seratan Abu al-Fadhol Maqdisi, kaca ka 118, jajaran ka 4-6 tipalih handap.
3. Kitab Tanzihus Syari’ah, seratan Al-Kinani, juz ka 2, kaca ka 176, jajaran ka 9-11 tipalih luhur.
4. Kitab Fawaidul Majmu’ah fi Ahadisil Maudhu’ah, kaca ka 96, jajaran ka 13-15 tipalih luhur, hadisna nomor ka 31.

Saparantosna ditalungtik hadis diluhur teh kagolongkeun hadis anu dhoif, malih tiasa dipandang hadis anu maudhu/palsu, jalaran dina sadaya sanadna aya rowi anu kakasihna Ahmad bin Abdullah al-Harawi, sareng aya rowi anu kakasihna Wahb bin Wahb, saur imam as-Suyuthi dua rowi kasebat teh tukang bohong, saur imam ibnul jauzi dua rowi kasebat teh tukang bohong sareng tukang malsu-malsukeun hadis.

2. Hadis Shaum Kaping 9-10 Muharram / [Tasu'a - Asyura] :

Dina hadis riwayat imam al-jama'ah iwal ti bukhori sareng turmudzi, diterangkeun kieu :

صَوْمُ يَوْمِ عَرَفَةَ يُكَفِّرُ سَنَتَيْنِ مَاضِيَةً وَمُسْتَقْبِلَةً ، وَصَوْمُ عَاشُوراَءَ يُكَفِّرُ سَنَةً مَاضِيَةً
Hartosna : Shaum dina dintenan arafah [kaping 9 dzulhijjah] eta ngafaratan dosa sataun anu tos kaliwat sarta sataun anu bakal sumping, sarta shaum asyura [kaping 10 muharram] eta ngafaratan dosa sataun anu tos kaliwat.
[Mangga tingali dina kitab fathul ghororur jami' li ahkam sunnatin nabiyyina, juz ka 9, kaca ka 43, jajaran ka 10 tipalih luhur]

Saparantos ditaliti hadis diluhur teh kagolongkeun hadis anu shohih, jalaran sanadna nyambung, pirang-pirang rowina adil kalih dhobit, henteu aya syad, sarta henteu aya illat. Lantaran hadis diluhur teh shohih mangka hadis diluhur tiasa dianggo dalil pikeun ngamalkeun shaum kaping 10 muharram.

Sarta anu shaum dina kaping 10 muharram teh sanes umat islam wungkul, umat nashrani kalih umat yahudi oge sami ngalaksanakeun shaum dina kaping 10 muharram, sakumaha diterangkeun dina hadis shohih riwayat imam bukhori, anu katampi ti sahabat ibnu abbas, dina eta hadis ibnu abbas sasauran kieu :

قَدِمَ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ الْمَدِينَةَ فَرَأَى الْيَهُودَ تَصُومُ يَوْمَ عَاشُورَاءَ فَقَالَ مَا هذَا قَالُوا هذَا يَوْمٌ صَالِحٌ هَذَا يَوْمٌ نَجَّى اللهُ بَنِي إِسْرَائِيلَ مِنْ عَدُوِّهِمْ فَصَامَهُ مُوسَى قَالَ فَأَنَا أَحَقُّ بِمُوسَى مِنْكُمْ فَصَامَهُ وَأَمَرَ بِصِيَامِهِ.
Hartosna : Tatkala Nabi shalallahu 'alaihi wasallam dugi di madinah, anjeuna mendakan urang yahudi nuju ngalaksanakeun shaum dina dintenan asyura, mangka Nabi mariksa ngeuna'an hal eta, mangka urang yahudi sasauran "dina dinten ieu Allah kantos nyalametkeun Nabi Musa sareng Bani Israel tina udagan Fir'aon, maka Musa Shaum dina dinten ieu", Rosulullah ngawaler : "Kaula anu berhak kalawan Musa, lanjeng anjeuna shaum sarta marentah shaum ka para sahabatna"
[Mangga tingali dina kitab shohih bukhori, juz ka 2, kaca ka 704, hadisna nomor ka 1900]

Lantaran dina kaping 10 muharram teh umat yahudi kalih umat nashrani ngalaksanakeun shaum, mangka para sahabat ngaraos kaabotan pikeun ngalaksanakeun nana jalaran alim sami sareng umat yahudi sareng umat nashrani, nya antukna para sahabat nyarios ka Rosulullah ngeuna'an hal eta, mangka Rosulullah ngadawuh :

لَئِنْ بَقَيْتُ إِلَى قَابِلٍ لأَصُومَنَّ التَّاسِعَ يَعْنِي يَوْمَ عَاشُورَاءَ
Hartosna : Lamun seug kaula masih keneh hirup nepika taun hareup, niscaya kaula baris shaum kaping 9na, nyaeta dinten asyura.
[Mangga tingali dina kitab musnad ahmad, juz ka 1, kaca ka 224, hadisna nomoe ka 344, kitab shohih muslim, juz ka 2, kaca ka 798, hadisna 1135]

Tatapina sateuacan taun payun sumping Rosulullah kabujeng pupus, nya antukna Rosulullah teu kantos ngalaksanakeun shaum dina kaping 9 anu parantos direncanakeun ku anjeuna, tatapina sok sanaos Rosulullah teu kantos ngalaksanakeun shaum dina kaping 9 muharram, tetep shaum dina 9 muharram teh hukumna sunnah hamiyah anu tiasa diamalkeun ku urang, sabab ku ayana rencana ti Rosulullah kasebat eta ngabuktoskeun yen shaum dina kaping 9 dina sasih Muharram teh eta parantos disyare'atkeun.

3. Hadis Shaum Kaping 11 Muharram :

Dina hadis riwayat imam ahmad, imam baehaqqi, sareng imam ibnu khuzaemah, diterangkeun kieu :

صُومُوا يَوْمَ عَاشُورَاءَ وَخَالِفُوا فِيهِ الْيَهُودَ صُومُوا قَبْلَهُ يَوْماً أَوْ بَعْدَهُ يَوْماً
Hartosna : pek aranjeun shaum dina dintenan asyura sarta aranjeun kudu beda jeung yahudi kucara shaum sadinten sateuacanna [kaping 9] sarta ku shaum saba'dana [kaping 11].
[Mangga tingali dina kitab musnad ahmad, juz ka 1, kaca ka 241, hadisna nomor ka 2154, sareng dina kitab fadhilus shohabah, juz ka 2, kaca ka 986, nomor ka 1951, sareng dina kitab sunanul kubro, juz ka 4, kaca ka 287, hadisna nomor ka 8189, sareng dina kitab shohih ibnu khuzaemah, juz ka 3, kaca ka 290, hadisna nomor ka 2095]

Sok sanaos hadis diluhur teh diriwayatkeun ku sababaraha mukhorij, tatapina eta hadis teh kagolongkeun hadis anu dhoif, jalaran sadaya sanadna ngalangkungan rowi anu kakasihna Ibnu Abi Laila, syeikh al-mubarokafuri sasauran kieu :

وهو محمد بن عبد الرحمن بن أبي ليلى الأنصاري الكوفي القاضي أبو عبد الرحمن صدوق سئ الحفظ جدا قاله الحافظ في التقريب
Hartosna : sarta anjeuna Muhammad bin Abdurrahman bin Abi Laila al-Anshori al-Kufi al-Qodhi, abu Abdurrahman anjeuna teh leres tatapina anjeuna goreng pisan hapalan nana, sakumaha anu parantos di saurkeun ku al-hafizh ibnu hajar dina kitabna at-taqrib.
[Mangga tingali dina kitab tuhfatul ahwadzi, juz ka 2, kaca ka 65, jajaran ka 7-8 tipalih handap, leresan kalimatna kaserat 34 hurup tipalih katuhu].

janten hadis anu nerangkeun shaum muharram teh 3 dinten kalawan ditambihan sareng kaping 11 eta derajatna dhoif sarta teu tiasa dianggo hujjah pikeun diamalkeun.

* Kasimpulan nana :
1. Hadis shaum ti kawit kaping 1 muharram eta dhoif.
2. Hadis shaum kaping 11 dina sasih muharram eta dhoif.
3. Teu disyare'atkeun shaum muharram iwal ti kaping 9-10 anu sok biasa disebat shaum tasu'a sareng asyura.

Wallahu 'Alam
upami panalitian kalih panalungtikan simkuring aya anu lepat nyuhunkeun dikoreksi kalepatan nana sarta nyuhunkeun katerangan anu leresna. Hatur Nuhun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SUKSES DENGAN SKILL YANG TEPAT

"Naha Leres Musik Teh Haram?" Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Keutamaan Doa di Sepertiga Malam Terakhir