Derajat Hadis Shaum Dzulhijjah

"Derajat Hadis Shaum Dzulhijjah"
Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Anu dimaksad kujudul "Derajat Hadis Shaum Dzulhijjah" . Seja nerangkeun kedudukan hadis anu nguningakeun yen dina sasih dzulhijjah teh disyare'atkeun shaum sunnah ti kawit kaping 1 dugika kaping 9. Leresan derajat eta hadis teh shohih atanapi dhoif?
Anapon hadisna, nyaeta :

حَدَّثَنَا أَبُو بَكْرِ بْنُ نَافِعٍ الْبَصْرِيُّ ، حَدَّثَنَا مَسْعُودُ بْنُ وَاصِلٍ ، عَنْ نَهَّاسِ بْنِ قَهْمٍ ، عَنْ قَتَادَةَ ، عَنْ سَعِيدِ بْنِ الْمُسَيِّبِ ، عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، عَنِ النَّبِيِّ  قَالَ : مَا مِنْ أَيَّامٍ أَحَبُّ إِلَى اللَّهِ أَنْ يُتَعَبَّدَ لَهُ فِيهَا مِنْ عَشْرِ ذِي الْحِجَّةِ ، يَعْدِلُ صِيَامُ كُلِّ يَوْمٍ مِنْهَا بِصِيَامِ سَنَةٍ ، وَقِيَامُ كُلِّ لَيْلَةٍ مِنْهَا بِقِيَامِ لَيْلَةِ الْقَدْرِ
Hartosna : parantos nerangkeun ka abdi sadaya Abu Bakar bin Nafi Al-Bashriy, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Mas'ud bin Washil, ti Nahhas bin Qohm, ti Qotadah, ti Sa'id bin Al-Musayyib, ti Abi Hurairoh, ti Nabi parantos ngadawuh : Teu aya dinten anu langkung dipikacinta ku Allah pikeun ibadah dijerona tibatan 10 dinten dzulhijjah, shaum unggal dinten dijerona sami sapertos shaum sataun, sarta qiyamul lael dina unggal wengina sami sapertos qiyam dina laelatul qodar. 
[Hadis riwayat imam turmudzi, anu kaunggel dina kitab sunan turmudzi, juz ka 3 kaca ka 132 hadisna nomor ka 758. Oge diriwayatkeun ku imam al-baghowi, anu kaunggel dina kitab syarhus sunnah, juz ka 4 kaca ka 436 jajaran ka 10 tipalih luhur jajaran ka 12 tipalih handap. Oge diriwayatkeun ku imam baehaqqi, anu kaunggel dina kitab syu'abul iman juz ka 3 kaca ka 355 hadisna nomor ka 3757]

Hadis diluhur oge diriwayatkeun ku ibnul jauziy kalawan matan :

مَا مِنْ أَيَّامٍ أَحَبُّ إِلَى اللهِ أَنْ يُتَعَبَّدَ لَهُ فِيْهَا مِنْ عَشْرَةَ ذِي الْحِجَّةِ يُعَدُّ صِيَامُ كُلِّ يَوْمٍ مِنْهَا بِصِيَامِ سَنَةٍ وَقِيَامُ لَيْلَةٍ مِنْهَا بِقِيَامِ لَيْلَةِ الْقَدْرِ
Hartosna : Teu aya dinten anu langkung dipikacinta ku Allah pikeun ibadah dijerona tibatan 10 dinten dzulhijjah, shaum unggal dinten dijerona sami sapertos shaum sataun, sarta qiyamul lael dina unggal wengina sami sapertos qiyam dina laelatul qodar. 
[Mangga tingali dina kitab al'ilal mutanahiyah fil ahadisul wahiyah juz ka 2 kaca ka 563 hadisna nomor ka 925]

* Katerangan :
Dua hadis diluhur kagolongkeun hadis anu dhoif, sok sanaos hadis diluhur teh diriwayatkeun ku sababaraha mukhorij tatapina hadis diluhur kalebet hadis anu ghorib, sakumaha diterangkeun ku imam turmudzi :

هَذَا حَدِيثٌ غَرِيبٌ ، لاَ نَعْرِفُهُ إِلاَّ مِنْ حَدِيثِ مَسْعُودِ بْنِ وَاصِلٍ ، عَنِ النَّهَّاسِ.وَسَأَلْتُ مُحَمَّدًا عَنْ هَذَا الحَدِيثِ فَلَمْ يَعْرِفْهُ مِنْ غَيْرِ هَذَا الوَجْهِ مِثْلَ هَذَا.
Hartosna : hadis ieu kagolongkeun hadis anu ghorib, abdi sadaya henteu mikanyaho salian ti hadis mas'ud bin washil, ti Nahhas, sarta simkuring mariksa ka muhammad/ka imam bukhori perkawis hadis ieu, maka anjeuna henteu uningaeun salian ti jalur ieu.
[Mangga tingali dina kitab sunan turmudzi juz ka 3 kaca ka 132]

Anapon sabab kadhoifan hadis ieu nyaeta disababkeun sadaya sanadna ngalangkungan rowi anu kakasihna Mas’ud bin Washil, saur imam dharuqutni saestuna abu dawud at-thoyalisi parantos ngadhoifkeun eta rowi [Mangga tingali dina kitab ilal dharuqutni juz ka 9 kaca ka 200]
Imam ibnu hajar sasauran yen saestuna Mas'ud bin Washil teh nyaeta rowi anu layyinul hadis [Mangga tingali dina kitab tadzhibut tadzhib juz ka 10 kaca ka 109]
Salian ti kadhoifan rowi nu kakasihna Mas'ud bin Washil, dina sanad hadis kasebat oge aya deui rowi dhoif anu kakasihna Nahhas bin Qahm. Saur imam ibnu hibban anjeuna ngariwayatkeun hadis mungkar ti rowi anu masyhur, sarta nyalahan riwayat rowi anu tsiqot, henteu kenging dianggo hujjah [Mangga tingali dina kitab tahdzibul kamal juz ka 30 kaca ka 28]
Imam ibnu hajar sasauran : rowi anu kakasihna Nahhas bin Qohm teh nyaeta rowi anu dhoif. [Mangga tingali dina kitab taqribut tahdzib kaca ka 566]

Salian ti hadis diluhur, aya oge hadis anu nerangkeun yen upanten urang shaum dina dinten kahiji sasih dzulhijjah maka sami sapertos shaum 100 taun, shaum dina dinten kadua maka sami sapertos shaum 200 taun, anu shaum dina dinten ka 8/dinten tarwiyah sami sapertos shaum 1000 taun, anu shaum dina dinten ka 9/dinten arafah maka sami sapertos shaum 2000 taun, anapon hadisna diriwayatkeun ku imam ad-daelami kalawan matan :

صِيَامُ أَوَّلِ يَوْمٍ مِنَ الْعَشْرِ يَعْدِلُ مِائَةَ سَنَةٍ وَالْيَوْمِ الثَّانِي يَعْدِلُ مِائَتَي سَنَةٍ فَإِنْ كَانَ يَوْمَ التَّرْوِيَةِ يَعْدِلُ أَلْفَ عَامٍ وَصِيَامُ يَوْمَ عَرَفَةَ يَعْدِلُ أَلْفَي عَامٍ
Hartosna : shaum dina dinten kahiji tina 10 dinten dzulhijjah sami sapertos 100 taun, dinten kadua sami sapertos 200 taun, upami dinten tarwiyah/kaping 8 dzulhijjah sami sapertos 1000 taun, sarta shaum dina dinten arafah/kaping 9 dzulhijjah sami sapertos 2000 taun.
[Mangga tingali dina kitab firdaus bi ma’tsurul khitab, juz ka 2 kaca ka 396 hadisna nomor ka 3755]

Saparantosna ditaliti kalih ditalungtik derajat hadis diluhur teh nyaeta maudhu/palsu, jalaran dina sanadna aya rowi anu kakasihna Muhamad bin Umar al-Muharram. Saur imam abu hatim anjeuna nyaeta tukang malsukeun hadis [Mangga tingali dina kitab ad-dhu'afa wal matrukin juz ka 3 kaca ka 96]
saur imam ibnul jauzi anjena nyaeta jalma tukang bohong [Mangga tingali dina kitab al-maudhu'at juz ka 2 kaca ka 198]

Sarta aya oge hadis anu nerangkeun shaum sunnah dina kaping 1 dzulhijjah sareng kaping 9 dzulhijjah, anapon hadisna nyaeta :

فِي أَوَّلِ لَيْلَةٍ مِنْ ذِي الْحِجِّةِ وُلِدَ إِبْرَاهِيمُ : فَمَنْ صَامَ ذلِكَ اليَوْمَ كَانَ كَفَّارَةُ سِتِّينَ سَنَةً
Hartosna : dina maleman awal dzulhijjah eta dibabarkeun nana nabi ibrahim, maka sing saha anu shaum dina tengah poena eta perkara teh mangrupa kafarat dosa 60 taun.
[Mangga tingali dina kitab tadzkirotul maudhu'at kaca ka 119]

Oge aya deui hadis anu nerangkeun sapertos hadis diluhur kalawan matan :

فِي أَوَّلِ لَيْلَةٍ مِنْ ذِي الْحِجِّةِ وُلِدَ إِبْرَاهِيمُ : فَمَنْ صَامَ ذلِكَ اليَوْمَ كَانَ كَفَّارَةُ ثَمَانِيْنَ سَنَةً وَفِي رِوَايَةٍ  سَبْعِيْنَ سَنَةً وَفِي تِسْعٍ مِنْ ذِي الْحِجَّةِ أَنْزَلَ اللهُ تَوْبَةَ دَاوُدَ فَمَنْ صَامَ ذلِكَ اليَوْمَ كَانَ كَفَّارَةُ سِتِّينَ سَنَةً وَفِي رِوَايَةٍ  غَفَرَ اللهُ لَهُ كَمَا غَفَرَ ذَنْبَ دَاوُدَ
Hartosna : dina maleman awal dzulhijjah eta dibabarkeun nana nabi ibrahim maka sing saha anu shaum dina tengah poena eta perkara teh mangrupakeun kafarat dosa salami 80 taun. Sarta dina hiji riwayat : 70 taun. Jeung dina kaping 9 dzulhijjah allah ngalungsurkeun tobat ka nabi dawud, maka sing saha anu shaum dina tengah poena eta perkara teh mangrupakeun kafarat kana dosana salami 60 taun. Sarta dina hiji riwayat : Allah ngahampura sakumaha anjeuna ngahampura dosa nabi dawud.
[Hadis riwayat imam ad-daelami, anu kaunggel dina kitab Firdaus bi Ma’tsurul Khitab juz ka 3 kaca ka 142 hadisna nomoe ka 4381, sarta dina juz ka 2 kaca ka 21 hadisna nomor ka 2136, oge dina juz ka 4 kaca ka 386 hadisna nomor ka 7122. Sarta mangga tingali dina kitab Tanzihus Syari’ahul Marfu’ah juz ka 2 kaca ka 165 hadisna nomor ka 50, Oge buka kitab maushu'ahul ahadis wal atsarud dhoifah wal maudhu'ah juz ka 6 kaca ka 325 hadisna nomor ka 14.953] 

Saparantosna ditaliti dua hadis diluhur kagolongkeun hadis anu maudhu, jalaran sadaya sanadna ngalangkungan rowi anu kakasihna Muhamad bin Sahl, sarta anjeuna nyaeta jalma tukang bohong [Mangga tingali dina kitab tadzkirotul maudhu'at kaca ka 119]

Aya deui hadis anu nerangkeun shaum dina kaping 18 dzulhijjah sarta upanten aya jalmi anu ngalaksanakeun shaum dina kaping 18 dzulhijjah eta baris diganjar kalawan 60 sasih shaum, anapon hadisna nyaeta :

مَنْ صَامَ يَوْمَ ثَمَانِيَّةَ عَشَرَ مِنْ ذِيْ الْحِجَّةِ كَتَبَ اللهُ لَهُ صِيَامَ سِتِّيْنَ شَهْرًا
Hartosna : sing saha anu shaum dina dintenan ka 8 sasih dzulhijjah maka Allah baris nyatetkeun keur anjeuna shaum salami 60 sasih.
[Mangga tingali dina kitab kasyful khifa wa muzilul libas juz ka 2 kaca ka 258 hadisna nomor ka 2520, oge dina kitab al'ilalul mutanahiyah juz ka 1 kaca ka 226 hadisna nomor ka 356, oge dina kitab abathilu wal manakiru juz ka 2 kaca ka 302 hadisna nomor ka 714]

Imam adz-dzhabi mandang hadis diluhur sebagai hadis anu maudhu, dalah anjeuna kantos nerangkeun yen hadis diluhur teh kagolongkeun hadis anu kacida mungkarna. [Mangga tingali dina kitab kasyful khifa wa muzilul libas juz ka 2 kaca ka 258]

Aya deui hadis anu nerangkeun yen disunnahkeun shaum dina dintenan akhir sasih dzulhijjah sareng shaum dintenan awal sasih muharram, anapon hadisna nyaeta :

مَنْ صَامَ آخِرَ يَوْمٍ مِنْ ذِي الْحِجَّةِ وَأَوَّلَ يَوْمٍ مِنَ الْمُحَرَّمِ فَقَدْ خَتَمَ السَّنَةَ الْمَاضِيَةَ بِصَوْمٍ وَافْتَتَحَ السَّنَةَ الْمُسْتَقْبِلَةَ بِصَوْمٍ فَقَدْ جَعَلَ اللهُ لَهُ كَفَّارَةَ خَمْسِينَ سَنَةً
Hartosna : sing saha anu shaum dina dintenan akhir sasih dzulhijjah sarta shaum dina dintenan awal sasih muharram, maka anjeuna parantos nutup taun anu kamari kalawan shaum sarta muka taun anu datang kalawan shaum, saestuna Allah tos ngajantenkeun kafarat dosa salami 50 taun pikeun anjeuna.
[Mangga tingali dina kitab al-lailul mashnu'ah fi ahadisil maudhu'ah juz ka 2 kaca ka 92]

Saparantosna ditaliti hadis diluhur teh kagolongkeun hadis anu dhoif dalah tiasa disebat hadis maudhu jalaran dina sanadna aya rowi anu kakasihna Ahmad bin Abdullah al-Harawi sareng rowi anu kakasihna Wahb bin Wahb. Saur imam suyuthi aranjeuna nyaeta tukang bohong [Mangga tingali dina kitab al-lailul mashnu'ah fi ahadisil maudhu'ah juz ka 2 kaca ka 92]
Saur imam ibnul jauzi aranjeuna duaan nyaeta tukang bohong jeung tukang malsukeun hadis [Mangga tingali dina kitab al-maudhu'at juz ka 2 kaca ka 199]

Sok sanaos hadis-hadis diluhur teh sadayana dhoif, tatapina aya hadis anu shohih anu nerangkeun shaum dina kaping 9 dzulhijjah wungkul atanapi anu sok sering disebat shaum arafah, anapon hadisna nyaeta :

صَوْمُ يَوْمِ عَرَفَةَ يُكَفِّرُ سَنَتَيْنِ مَاضِيَةً وَمُسْتَقْبِلَةً، وَصَوْمُ عَاشُوْرَاءَ يُكَفِّرُ سَنَةً مَاضِيَةً
Hartosna : shaum dina dintenan arafah eta baris ngifaratan dosa dua taun, nyaeta sataun anu tos kalangkung sareng sataun anu bakal sumping.
[Hadis riwayat imam ahmad, kaunggel dina kitab musnad ahmad juz ka 37 kaca ka 222 hadisna nomor ka 22.535, oge diriwayatkeun ku imam muslim, kaunggel dina kitab shohih muslim juz ka 1 kaca ka 520, oge diriwayatkeun ku imam nasa'i, kaunggel dina kitab sunanul kubro juz ka 2 kaca ka 150 hadisna nomor ka 2796, oge diriwayatkeun ku imam ibnu majah dina kitab sunan ibnu majah juz ka 2 kaca ka 340] 

* Kasimpulan nana :
1. Hadis anu nerangkeun shaum kaping 1-9 dzulhijjah eta dhoif
2. Hadis anu nerangkeun shaum kaping 18 dzulhijjah eta dhoif
3. Hadis anu nerangkeun shaum dina akhir dzulhijjah eta dhoif
4. Hadis anu nerangkeun ganjaran shaum dina kaping 9 dzulhijjah nyaeta sami sapertos 2000 taun eta dhoif
5. Teu aya shaum sunnah khusus dina sasih dzulhijjah anging dina kaping 9 wungkul nyaeta shaum arafah anu ganjaran nana 2 taun baris dihampura dosa.

Wallahu'alam
saumpamina panalitian kalih panalungtikan ana aya anu lepat nyuhunkeun dikoreksi kalepatan nana sareng nyuhunkeun katerangan anu leresna. Hatur Nuhun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SUKSES DENGAN SKILL YANG TEPAT

"Naha Leres Musik Teh Haram?" Oleh : Fajri Malik Ibrahim

Keutamaan Doa di Sepertiga Malam Terakhir