Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2016

Shaum Muharram Anu Nyunnah

"Shaum Muharram Anu Nyunnah" Oleh : Fajri Malik Ibrahim Sakumaha anu parantos ka uninga ku urang sadaya, rehna ayeuna urang parantos nincak kana sasih muharram, anu mana sasih muharram teh salasawios sasih anu diharamkeun ku Allah ta'ala, sakumaha anu diterangkeun ku Rosulullah dina hadis riwayat imam bukhori kalih imam muslim oge imam ahmad : إِنَّ الزَّمَانَ قَدِ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْمَ خَلَقَ اللَّهُ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضَ السَّنَةُ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ثَلَاثٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو الْقَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرَ الَّذِي بَيْنَ جُمَادَى وَشَعْبَانَ Hartosna : sayaktosna jaman parantos ngagilir lir ibarat kaayaan nana sapertos tiheula dina dintenan diciptakeun nana langit sareng bumi, sataun nyaeta 12 sasih, diantawisna aya 4 sasih anu haram, nyaeta 3 sasih ngarundayan : Dzulqo'dah, Dzulhijjah, Muharam, sarta Rajab Mudor anu aya diantara dua Jum'adil kalih antara Sya'ban. [Mangga tingali kita